Diary writing
Senén, 3 Nopember 2014
PERFORM MUSIK
Dinten ieu abdi téh ngarasa bungaaaaaah pisan kusabab kelompok
Alif perform anu kahiji dina pangajaran musik di SD. Alif sareng réréncangannana
(Yafi, Aldi, Aufa, Gilang jeung MQ), mawakeun tetembangan anu judulna, “ya
sudahlah-Bondan Prakoso feat Fade 2 Black.”
Alif sareng MQ nembangkeun bagian reff (anu
sok diulang-ulang), ari Yafi mah anu nga-rep (lirik anu ditembangkeun ku tempo
anu gancang) sabab anjeunna geus hapaleun, Aldi jeung Aufa ngiringan make
kahon, Gilang nyepengan maracas kacang anu aya di ruang music, Abdi jentré
ngahiringan sadayana paké gitar nepi ka anggeus éta tetembangan téh.
Sanajan heunteu aya persiapan (latian ngan
ukur 20 menit di SD méméh perform), kelompok ‘Ya sudahlah’ mentaskeun
penampilan anu maksimal pisan. Mimiti aréraeun kusabab loba nu teu hapal
lirikna, tapi didorong ku sumanget kuat jeung spontanitas, kelompok Alif nembang (saeutik anu kudu di hadéan).
Disusul ku anggota akhwat Turmudzi (Yaya,
Atika, Atsila, Dinda, Zalfa, Laudia sareng Sifa) nembangkeun “London Bridge” maké
cup-song, atuh pohara resepna réréncangan saréréa ningalina. Dina tungtung patémon,
2 kelompok anu tampil dinten ieu téh menangkeun nilai plus ti Pa Syamsul
kusabab apresiasi perform anu tos ti minggu kamari ditugaskeun.
Wilujeng
wengi…
Tidak ada komentar:
Posting Komentar